Ngenaan Jurusan Multimedia dina Lingkungan Pendidikan
Istilah multimedia asalna tina teater sanes komputer. Pintonan anu ngagunaken leuwih ti hiji medium sok disebut acara multimedia, pinton multimedia kalebet monitor pideo, pita sintesis, sareng karya seni manusia selaku bagian tina acara. Sistem multimedia dimimitian dina akhir taun 1980-an kalayan ngeunaan perangkat lunak Audio Visual Connection (AVC) sareng kartu adaptor pideo. saprak awal eta ampir unggal supenir ti 700 produk sareng sistem multimedia dina pasaran.
Jurusan multimedia atawa sok disebut (MM) nyaeta salah sahiji dina widang komputer anu diajarkeun ngagunakeun komputer, ngoprasiekeun komputer nepikeun ngagambar, animasi, ngayonakeun alat-alat dina software sapertos Adobe Photoshop, Adobe Illustrator, CorelDraw, Adobe Flash, Blender, jeung sajabana. Sareng jurusan ieu mangrupikeun salah sahiji jurusan anu sok diminati seuseur ku siswa boh lalaki boh awewe.
Jurusan ieu cocok pisan jeung siswa anu aktif, kreatif, produktif sareng resep ngabagikeun ide jeung karya seni. Dina jurusan ieu anjeun keudah ngartos elmu komputer leuwih dalem, sabab ampir 80% anjeun keudah loba interaksi jeung nu namina layar komputer pikeun ngalakukeun hiji hal ti guru.
Mata pelajaran naon wae si dina jurusan multimedia? Dina jurusan ieu anjeun diajarkeun mata pelajaran Produktif atawa Kompetensi kaahlian nyaeta palajaran Desain Multimedia Interaktif, Teknik Ngolah Audio jeung Pideo, Produk Kawirausahaan sarta Kreatif, jeung Desain Percetakan Grafis.
Nuturkeun kemajuan teknologi media kiwari hadir dina Sagala rupa. Wangun di media citak ka media digital, parusahaan bisa ngagunakeun segala jenis media pikeun pamasaran. Rupa-rupa jenis media ieu ngajanteunkeun kasempatan padamelan pikeun jurusan multimedia kabuka. Ieu mangrupikeun contoh padamelan dina widang jurusan multimedia nyaeta, Web Desainer, Graphic Desainer, Game Modeler, Animator, sareung seueur deui.

Komentar
Posting Komentar